![]() |
| Ilustrasi , Cimahi Aktual |
Cimahi, Cimahi Aktual — Salah sahiji hikmah silaturahmi nyaéta lain ngan saukur ngaraketkeun duduluran, tapi ogé manjangkeun babarayaan jeung nambahan pangaweruh hirup. Hal ieu karasa pisan nalika silaturahmi jeung salah sahiji budayawan “kahot” Kota Cimahi, Mang Ujang Laip, anu kawentar ku jembar élmu jeung pangarti.
Obrolan jeung Mang Ujang ngocor lir cai, estunik, balakatiktrik, nepi ka beuteung mutiktrik ku élmu. Pagunemanana ngelek jeung ngegel, pinuh ku papatah hirup anu karasa pisan patalina jeung kahirupan sapopoe, hususna pikeun para nonoman Sunda sangkan wanoh, mikanyaah, jeung ngamumule budayana sorangan.
Dina paguneman sababaraha poe kaliwat, Mang Ujang leuwih museur kana sikep hirup anu mindeng jadi panyangga atawa malah panghambat kamajuan usaha, bari tetep teu ngarempag kana aturan hirup jeung nilai agama.
Sikep Hirup Nu Ngahambat Kamajuan Usaha
Mang Ujang ngajelaskeun sababaraha sikep anu sakuduna dijauhan lamun hayang usaha maju. Salah sahijina nyaéta “memeh ngala, miceun heula”, nyaeta sikep kaleuleuwihi dina pengeluaran nalika ngamimitian pagawean atawa usaha, alatan waktu jeung rencana teu diatur kalayan taliti.
Aya deui sikep mokahaan atawa mangpang meungpeung, nyaéta kaleuleuwihi ngahamburkeun duit nalika aya rezeki, nepi ka poho kana ngeureut jeung neundeun. Saterusna pupujieun, nyaeta ngarobah gaya hirup nalika usaha mimiti maju, anu balukarna nambahan pengeluaran pikeun nyumponan nafsu.
Sikep séjén anu teu éléh bahayana nyaéta kabita ku barang saeutik, saperti ngajual aset atawa warisan kolot tanpa itungan anu asak, padahal henteu dina kaayaan darurat. Tungtungna, duit béak, banda leungit, jeung kahirupan teu nambahan hadé.
![]() |
| Suasana cerita , Cimahi Aktual |
Sikep Hirup Nu Ngadukung Kamajuan Usaha
Sabalikna, Mang Ujang ogé nekenkeun sababaraha sikep hirup anu bisa ngadukung kamajuan usaha. Di antarana amit atawa bebeja, nyaéta masrahkeun sagala usaha ka Gusti Allah bari tetep jujur jeung kabuka ka sasama, boh ka rekan usaha boh ka kulawarga.
Sikep imeut atawa taliti ogé penting, teu buru-buru, teu gusuh, sarta daék narima kritik. Salajengna emet atawa irit, bisa nempatkeun duit dina tempatna, henteu monyah-monyah, komo deui mangpang meungpeung.
Nu pamungkas nyaéta emut atawa sadar, teu poho kana purwadaksi, ngalakonan pagawean kalayan bener, henteu ngarempag kana kakuduan jeung kacaduan hirup.
Mang Ujang negeskeun, pedaran ieu lain pikeun nyanyahoanan, tapi saukur sharing hasil paguneman pikeun silih elingan, bari sakaligus ngamumule nilai-nilai budaya Sunda anu pinuh ku falsafah kahirupan.
“Budaya Sunda téh lain ukur warisan, tapi pituduh hirup anu kudu terus dihirupan ku generasi ayeuna,” pokna.
Pewarta: Sony Sonjaya


0 Komentar